Di Talaga Wening...

Lebah mumunggang, Sukan-sukan, Kungsi urang balakécrakan, Ngarecah bagja, Murak sadrah tur sumerah, di talaga wening pataréma leungeun, Lubarkeun katugenah, Kungsi urang nguntuykeun mangle, Pangharepan, Mun kongang mah Ulah anggang, Tapi mangsa teu méréan, Ngan sakedapan, Bongan pada boga mangsa, Boga wanci titis tulis
Ti ajali...

Bandung, 16 Juli 2006


Minggu, 16 Maret 2008

Kidung Kabupatén Bandung

Ku KANIA PUJASARI



Balé Bandung asa suwung


Pancaniti asa jempling


Pamengkang asa lalewang


Babancong asa parongpong


Kabupatén bangun simpé


Paséban ilang dangiang



Duh…Citarum alim dikantun


Margaasih sungkan tebih


Katapang alim paanggang


Dayeuhkolot tetep sono


Margahayu mo pajauh


Sinareng papayung nagri



Duh… Pangagung papayung Bandung


Pamingpin pangaping nagri


Lungsur ngantun kalungguhan


Kiwari nitih ka wanci


Ayeuna ninggang ka mangsa


Sanaos keur pogot sono


Kapaksa kedah paturay


Lumungsur ti kalungguhan


Nilar kabupatén Bandung


Rék mungkas mangsa jabatan



Ka para sesepuh Bandung


Panuhun ti jisim abdi


Pendopo anu ditilar, dikantun jalaran ngalih


Tetep diraksa-diriksa, dirumat sina lestari


Pendopo anu dikantun, mangka jadi ciri bukti


Mibanda galeuh budaya, nu mo lali ka bibit-buit


Sing jadi saksi sajarah; natrat tug dugi ka jaga




Dayeuhkolot, 25 Séptémber 2005




Dimuat di Majalah Bina Da’wah No. 308

Baca Selengkapnya

Nyurahan “Kembang Kertas”

Ku KANIA PUJASARI



Hayu urang muka buku anu judulna Mirah Dalima, karya Kis.Ws. Dina éta buku anu dipanganteuran ku Ajip Rosidi, aya 45 judul carpon karya Kis. Ws. Carpon “Mirah Dalima” minangka salahsahijina, anu satuluyna kapilih pikeun dijieun judul buku. Ieu buku munggaran medal dina taun 1992, kalayan pamedalna Girimukti Pasaka.


Dina biografi pangarangna ditétélakeun yén Kis.Ws téh ngaran lengkepna mah Kiswa Wiriasasmita, lahir di Ciamis 25 Januari 1922. Mangsa umur wewelasan taun ogé geus mimiti cacarakan bunta-bantu di Mingguan Galoeh pingpinan A. Karnawinita nu harita medal di Ciamis saméméh perang. Sajak Sunda Kis. Ws anu pangcikalna ditulis di ranjang rumah sakit Cideres (Kadipatén), bulan Juli 1946, kalayan dijudulan “Ilangna Mustika”. Sajak-sajakna aya anu kapilih sarta dimuat dina Prosa jeung Puisi Sunda sabada Perang (1962), Kanjut Kundang (1963), jeung salian ti éta. Iwal ti nulis sajak, Kiss. WS ogé nulis carita pondok (carpon). Ari judul carpon anu ditulisna di antarana: “Pamatang jeung Kembang”, dimuat dina antologi Sawidak Carita Pondok (1982) jeung “Piring Dinasti Ming” dina buku kumpulan carita pondok Petingan (1983).


Kis. WS kungsi mancén jadi wakil Ketua Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) cabang Priangan-Timur babarengan jeung Ikik Wiradikarta, nu ngaranana kiwari diabadikeun jadi ngaran salah sahiji jalan di Tasikmalaya. Salah sahiji kumpulan carita pondokna nyaéta Mirah Dalima (1922) anu di antara jejerna loba ngaguar ngeunaan moralitas.


Di antara 45 judul carpon anu dipidangkeun dina Mirah Dalima, kuring ngarasa kataji ku carpon anu judulna “Kembang Kertas”. Ceuk sawangan kuring sakuringeun, carpon “Kembang Kertas” bisa mawa tibelat tur nimbulkeun rasa panasaran pikeun dibaca tug nepi ka réngsé.


“Kembang Kertas” téh nyaritakeun hiji wanoja anu ngaranana Sri. Manéhna asli urang Solo, sarta keur nyuprih pangarti di jurusan Hukum di Surabaya. Tapi ku lantaran kahirupan ékonomi kulawargana anu héngkér, katambah bapana geus maot, nya manéhna nu kudu ngabayuan indung katut adi-adina, ku jalan “ngajual awak.”


Hiji waktu, Sri tepung jeung tokoh Kuring anu kaleungitan bungkusan eusi duit. Maranéhna ngawangkong di warung kopi si Ayu, saterusna tokoh Kuring diajak ka imahna Sri pikeun mawa éta bungkusan. Ti harita tokoh Kuring téh henteu patepung deui jeung Sri. Tug nepi ka dina hiji mangsa, basa tokoh kuring indit ka Surabaya pikeun hiji kaperluan bari hayang panggih deui jeung Sri. Barang ditanyakeun ka si Ayu, tétéla Sri téh geus lawas pindah ka Semarang sarta geus jeneng jadi hakim.


Écés pisan, tokoh utama anu ngaranana Sri, masih kénéh nyekel pageuh ajen-inajén kajujuran, ku mikeun deui duit anu leungit. Padahal upama ditilik tina strata sosialna mah, manéhna saukur ungkluk atawa runtah masarakat. Tapi manéhna masih kénéh mibanda kalemesan budi anu meureun moal pati kapikiran ku urang. Ieu téh bisa nandakeun yén ngajén jalma téh henteu bisa saukur ditingali tina strata sosialna.


Aya sawatara tanda anu rék dijelaskeun, utamana mah tina judul ieu carpon jeung tokoh utama anu boga hubungan raket pisan nu tumalina jeung semiotik. Demi semiotika nya éta élmu tanda; istilah éta téh asalna tina kecap Yunani semeion nu hartina “tanda”. Ahli Filsafat Amerika, Charles Sanders Peirce, nandeskeun yén urang ngan bisa mikir kalayan ngagunakeun sarana tanda; geus pasti lamun tanpa tanda, urang moal bisa ngayakeun komunikasi (Sudjiman jeung van Zoest, 1992:vii). Prosés komunikasi bakal bisa jalan kalayan lancar upama nu ngirim tanda geus hasil ngayakeun komunikasi ka nu narima tanda, anu antukna nimbulkeun hiji prosés napsirkeun. Prosés napsirkeun éta disababkeun ayana tanda anu museur kana hiji kanyataan (denotatum). Geus kitu, ayana “pembentukan” tanda anyar dina pikiran anu napsirkeun.


Carpon téh judulna “Kembang Kertas”. Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda, kembang téh nya éta bagian tatangkalan anu biasana sok jadi buah, loba nu alus rupana jeung/ atawa seungit. Ari kembang kertas téh ngaran salah sahiji kembang anu alus rupana tur éndah, tapi henteu seungit. Biasana kembang téh dilambangkeun atawa idéntikna jeung awéwé. Ieu téh bisa jadi lantaran kembang mah rupana alus, sanajan ceuk kuring teu sakabéh kembang téh alus. Tapi geus asa jadi konvénsi yén nu ngaranana kembang pasti idéntikna jeung awéwé. Hal ieu bisa jadi, ngarahkeun kana tokoh utama awéwé, anu pacabakanana jadi ungkluk tur nyababkeun diibaratkeun kembang kertas, éndah tapi teu seungit. Ari nu nyababkeun alusna nya éta boga kalemesan budi sarta kajujuran anu tetep dijaga ku pribadina, anu antukna disebut kembang. Ngeunaan tokoh utama awéwé nya éta Sri, boga harti yén Sri téh béntang. Di dinya boga ma’na ironi anu dikaitkeun jeung kaayaaan pisikna batan nu lian. Nu nyababkeun kuring boga anggapan ironi téh ku sabab manéhna béntangna ungkluk, sanajan tetep boga moral anu leuwih jero batan ngaranana. Éta nu nyababkeun kuring boga anggapan tokohna téh dingaranan Sri, atawa béntang. Upama dicindekkeun mah antara judul jeung tokoh téh raket pisan patalina. Kembang jeung Sri, duanana boga tanda yén éta téh nuduhkeun awéwé.


Alur carpon Mirah Dalima nya éta mobok tengah atawa campuran, hartina carita dimimitian ku ayana “peristiwa-peristiwa” awal, ahir sarta ayana hal-hal anu sipatna “pembayangan” carita.


Latarna ngawengku tilu bagian, nya éta latar tempat, latar waktu jeung latar sosial budaya. Latar tempat nya éta Bongkaran, Solo, Semarang, Malang jeung Surabaya. Latar waktu nya éta aya dina taun dalapan puluhan, katingali tina harga “mata uang”na nu “berlaku” dina mangsa harita. Latar sosial-budaya tempat-tempat nu disebutkeun di luhur nya éta nunjukkeun latar sosial-budaya Jawa. Hal ieu téh katingali pisan dina basana, utamana mah waktu unggal tokoh ngayakeun sababaraha paguneman atawa komunikasi.


Sacara Semiotik, gaya basa carpon Mirah Dalima miboga latar-sosial-budaya Jawa. Katingali tina sababaraha paguneman unggal tokoh dina ieu carita. Misalna nya eta:


1. “Narik, Mas…?” céng téh alon. Nu ditanya teu burung ngarénjag, kagareuwah keur nundutan. Gigisik, heuay tuluy babatek. “Badé…tinda pundi, Pa?” pokna bari rucang-riceng. Katara logat Solona, lekoh kénéh pisan. (Kaca 146)


2. “Ngaleueut naon, Pa?” pokna bari nyéréngéh. Borélak huntu emasna! Kopi…site, Yu! Céng téh nurutan urang ditu, lain ku hanaang teuing, tamba éra teuing nurut diuk waé. (Kaca 148)


3. Duaan bareng lugay ti warung kopi “Jalan Blora, Mas…!” cék Sri ka tukang béca.”In…jiiih, Jeng!” (Kaca 152).


Salian ti gaya basa di luhur anu miboga latar-sosial-budaya Jawa, dina ieu carpon gé aya sababaraha babasan atawa kekecapan Sunda, diantarana:


Wera: Kembang sapatu; ”ngembang wera”: beureum beungeut lantaran ambek/éra (KUBS)


“Nyaan kéképéhanana téh! Hantem dikeukeuhan gé, kalah kawas nu rék wera (Kaca 158)


Dikojayan, harti injeuman, nulungan jalma nu keur nandangan kasusah. (Kaca 151)


“Tuluy ngaharéwos, teu sirikna ditompokeun, “Kersa dikojayan ku abdi?” cenah. “Moal gé uninga kana kasesahna…” cék kuring alon.


Galura Jiwana, motah, gedé ombak (laut) (Kaca 151)


“Sanggeus ku pangira rada surud galura jiwana, pok deui kuring,…..”


Ngagatis jiwana, ngaraheutan haté: nganyeri hatékeun.


“Hayang nengetan heula, paur bisi ngagaris jiwana, ngaraheutan haténa.’


Ngabuntut bangkong, kekecapan teu bisa nuluykeun, méré katerangan. (Kaca 155)


“Teu disangka, ana ngong téh manéhna, “Geuning ngabuntut bangkong atuh, kumaha terasna…?” cenah.


Gantar kakaitan, babasan, aya hal nu teu sapuk jeung haténa tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan. (Kaca 157)


“Bébas taya gantar kakaitanana deui………


Sakédét-nétra: sakiceup, sakeudeung pisan (Kaca 157)


“Srikandi téh bet sakédét-nétra geus rubah jadi Subadra, ceuk haté.***

Baca Selengkapnya

Keur Nu Milangkala

Ku KANIA PUJASARI



Sang qadar tos tumiba


Pami taqdir tos dumugi


Taya nu mangga pulia


Pami diwincik nyusud getih


Napakuran wisik diri


Nalutur badan sakujur


Apan kedah nampi laip diri


Da usik dami ku Hyang Widi


Da dikersakeun darma wawayangan



Bandung, 25-09-2005


pujasari85@yahoo.com


Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 168, Oktober 2005

Baca Selengkapnya